TAHIYYATUL ISLAMIYAH

Jumat, 20 November 2015

PELIPUR LARA

KEKASIH TERCINTA PELIPUR LARA

Hate asa NALANGSA nalika emut ka anu dipika CINTA Sarebu cara teu tiyasa pikeun ngahilapkeun ka ANJEUNA, Rasa anu teu tiyasa di pungkiri yen anjena umma jauzati habibati anu jadi DAMBAAN JIWA, Laksana Qodiyah Syartiyah Mutasilah nu teu tiyasa di pisahkeun antara MUQODDAM sareng Talina, Anjena laksana Fail Sada Masadal Hobar anu ngagentosan tina rasa KABINGUNG kana BAHAGIA

Anjeuna anu dipikadeudeuh laksana Atmosfer kehidupan anu menyejukan QALBU sangkan ngajantenken Barometer pelipur lara nu nuju gundah GULANA, Mantena anu di pikaasih ku manah saban dina selalu nganyejukeun tur ngaadeumkenkeun suhu hate, pancaran aura fotosintesis rarahina nu gelis kacida teh ngayinaran ka suburan pinuh warna nu mutanawiah, Teu kaup ningali batu ngarunduk asa kakasih pujaan hatinnu ngadungkuk, perem kadeuleuken benta karasakeun Ya habibatal qalbi ya umma jauzati waya qurrota aeni